Minggu, 11 Oktober 2015

Konsep Karamat, Kaarifan Lokal Pelestarian Lingkungan


Lembur Cibaruyan
Kuring lahir di hiji lembur nu katelah Cibaruyan! Hiji lembur di tutugan Gunung Sawal. Sok sanajan ayeuna eta lembur teh ngaranana Sukamaju tapi kuring leuwih resep make ngaran Cibaruyan. Sabab kuring yakin eta ngaran ngawengku kasajarahan lembur kuring. Salianti eta ngaran Cibaruyan estu unik, teu gapyah seperti Sukamaju.

Dilembur kuring aya lelewek anu dikaramatkeun, Depok katelahna. Hiji wewengkon tanah desa nu ayana di tengah pasawahan! Masih mangrupakeun leuweung sok sanajan geus teu pati gegek ku tatangkalan. Kuring sok nyawang nya saperti Depok sigana wewengkon Cibaruyan baheula saacan jadi lembur.

Depok

Depok teh hiji saksi paripolah kuring mangsa keur budak! Kumaha resepna mulung rukem, ngunder pucuk jambu mede jeung ngadegdegna lamun panggih jeung Mama Mukanta! Mama Mukanta teh katelahna Kuncen Depok, ayeuna mah anjeuna teh geus tilar dunya. Keur jaman aya Mama Mukanta mah Depok teh gede kacida dangiangna. Teu sambarangan jalma bisa asup ka Depok. Ceuk beja mah teu saeutik jalma nu ngadon tapa di jero Depok, biasana mah nu aya kahayang!Hiji hal nu rada aneh keur jaman ayeuna mah.  Di jero Depok teh aya makam heubeul. Duka makam saha dah asal usul  raratana teu jelas. Ngan cenah baheula mah Depok teh mangrupakeun tempat pamakaman umum. Hal lain nu acan jelas nyaeta asbabun nujulna ditelahkeun Depok! Sigana mah moal jauh ti Padepokan.  Da baheula mah basa kuring mulung Rukem kungsi nyaksian batu anu unik di jero Depok, siga nu aya di Gunung Padang atawa di situs-situs purbakala sejenna. Tapi basa kamari kuring asup ka jero Depok, eta batu teh geus teu kasaksian. 


Gambar diluhur mangrupakeun hiji tangkal legendaris di Depok, tapi teu apal tangkal naon ngaranan! Tangkal eta ge siga stagnan!ti baheula asa tetep segede kitu. Konsep Karamat ceuk kuring mangrupakeun hiji kaarifan lokal anu bisa diandelkeun pikeun ngalestarikeun lingkungan. Manusia mikir dua kali lamun erek ngaruksak karamat atawa ngarempak pamali!Komo keur jaman aya Kuncen Mama Mukanta mah, saha wae jalma anu katohyan barangala di Depok pasti dicarekan laklak dasar. Lingkungan jadi lestari!



2 komentar:

Suheryana Bae mengatakan...

Waraas nya zaman baheula ..

Syarif Thoyibi mengatakan...

Muhun pak!adem!

Puasa

Sebentar lagi memasuki Bulan Ramadhan, 14 hari lagi InsyaAlloh.  Tidak terasa, Baru kemarin merayakan lebaran.... Kalimat yang hampir sama k...