Dewa Slide

Dewa Slide

Sabtu, 27 Agustus 2016

Ciamis Manis Manjing Dinamis


Mars Ciamis Manis Manjing Dinamis

Pakena gawe rahayu
Pakeun heubeul jaya di buana
Ciamis natar udagan
Mapag mangsa datang
Nanjung tur gumilang
Mahayuna kadatuan
Kiwari ngancik bihari
Ayeuna sampeureun jaga
Geusan mahayuna ayuna kadatuan

Ciamis manjang manisna
Ciamis manjing dinamis ...
Pangharepan pangwangunan
Kukuh ajeg pribadi
Raharja lemah cai

Masih keneh kabayang kuring waktu kelas opat SD kuatka peureum benta nembangkeun lagu diluhur. Lagu Ciamis, lagu anu ceuk kuring harita estu ngeunaheun pisan. Lirikna murwakanti tur gampang diapalkeun. Sok sanajan jujur we, loba kecap anu harita kuring teu apal artina!
Naon ari hartina geusan mahayuna ayuna kadatuan?
Da baheula mah can aya Ki Google
Guru kuring ge asa kungsi can nerangkeun deuih!
Ah nu penting mah enak didengar dan kawan-kawan terpesona (tah mun pencitraan ti baheula geus aya, teu kolot teu budak, teu cacah teu menak).
Hayang katingal sagala tiasa,
Hayang kakuping onjoy
Hayang kocap bageur
Hayang  kakoncara cerdas sareng tegas!

Beuhhhh…….

1 Komentar:

Pada 17 Agustus 2018 pukul 23.35 , Blogger Unknown mengatakan...

Tolong dong share sama not angka sundanya

 

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda