Dewa Slide

Dewa Slide

Jumat, 17 Februari 2017

Nganjang ka Tigaherang


Tepung jeung Kang Kuwu Tigaherang estu lir tinemu guru hirup! Asa lantis kacape lalampahan puluh-puluh kilometer, ratus malah! sabada tepung di Baledesa Tigaherang sababara waktu katukang, poe ieu kuring tepung deui jeung Kang Kuwu! Teu dihaja jeung teu disangka!. Satadina kuring diajak ngareureuhkeun kacape ku Mang Endin teh di Warung Baso, tapi kuring ngusulkeun kumaha mun di Tukang Sate! Ti ieu kajadian ge hikmahna gede pisan! urang teu apal bakal panggih jeung saha sabaraha menit kahareup!

Bari nyate, ti Kang Kuwu kuring loba mulungan elmu! boh elmu kahirupan boh elmu agama, oge contoh nyata ngamalkeunana!
Kumaha diajar ikhlas
kumaha diajar jembar
jeung kumaha yakin ka Gusti Alloh!
Mun keur teu boga duit ulah pusing....biasa we cenah!
Mere mangfaat ka sasama teh utama!
Teu kudu nu gede....teu mere kasusah jeung karuwet kabatur ge pan geus mangrupakeun hirup anu mangfaat!
Pikanyaah budak yatim!
Ulah nyaah infak jeung shodaqoh!
Gantina sok crung creng! manglipet-lipet!

Kang Kuwu ge ngadongengkeun pangalamana salaku pupuhu lembur
keur kuring asa dongeng, sabab asa jarang jaman ayeuna aya figur pupuhu model anjeuna!
salah sahiji contoh khadimul ummah! nyata ieu mah, lain ngan ukur retorik atawa lips service!
Asa jarang atuda jam 15.00 kuwu aya keneh di kantor!
"Kuring mah kang hampir tiap poe kadatangan kunu gelo (atawa ceuk batur mah cenah eta jelema teh gelo)!".
"Na teu ngaganggu kang?"
Henteu....pan koncina niat, ikhlas .....mere mangfaat! Nu gelo atawa nu ceuk batur gelo ge sarua mahluk Gusti Alloh!......jlebbb!....kuring mah boro-boro ngabonceng nempo ge sok teu hayang!
Tong boro ka manusia, ka tatangkalan ge pan urang kudu nyaah,  mun ek nuar tangkal ge ulah padu gebot!
Pas ek babayar anjeuna rikat!....diulah-ulah malah ek ditraktir, malah siga rada ngambek!
Mun teu daek dibayaran berarti ngajak ribut...kitu anapok teh!
Beuhhhhh! Nuhun Kang!

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda