Dewa Slide

Dewa Slide

Senin, 27 Maret 2017

Nyaba Ka Kampung Kuta


Alhamdulillah nepi oge lalakon teh ka Kampung Kuta. Geus lila sabenernya hayang nyorang teh, ngan karek akhir-akhir ieu bisa laksana. Di-guide-an ku Mang Anand sobat kuring nu dines di Tambaksari kuring dianteur kukurilingan. Manehna mah geus manukna daerah eta teh, katambah daerah eta kaasup daerah binaanana.


Kampung Kuta mangrupakeun hiji dusun di Desa Karang Paningal, salah sahiji desa di Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis, Kacamatan di Ujung Timur Laut Kabupaten Ciamis anu ngawates langsung jeung Dayeuhluhur Kabupaten Cilacap Jawa Tengah. Kampung Kuta kaasup salah sahiji Kampung Adat, hal ieu dumasar kana kahirupan jeung panghirupan Urang Kuta anu masih nyekel pageuh tetekon budaya jeung adat istiadat buhun.  Meureun mun di Tasikmalaya mah rada mirip jeung Kampung Naga. Tapi di Kampung Kuta mah masih keneh muka lolongkrang asupna hal anyar, saperti alat transportasi oge alat komunikasi jeung nu sejenna.
Gapura Kampung Kuta






Nyulusur sejarah jeung kaayaan geografis Kampung Kuta sok asa jauh panineungan. Sok ras kana diri. Hawa nu sejuk jeung tatangkalan anu masih keneh rajeg nuturusan tentremna hate. Nyawang  jaman baheula di Saung Panyawangan dipirig ku seahna Walungan Cijolang estu matak poho kana lalangse hate. Bangblas bari tumamprak sabada ikhtiar. 

Pamandangan ti Saung Panyawangan

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda