Dewa Slide

Dewa Slide

Selasa, 15 Agustus 2017

Jampana

Jampana (sumber: desamekarsaluyu11.blogspot.co.id)
Ari ek mieling kamerdekaan 17 Agustus teh sok sono kana jampana. Di lembur kuring mah jampana teh geus jadi tradisi. Tiap dusun nu jumlahna genep (Dusun Desa, Cikujang Hilir, Cikujang Girang, Cijukungan Tonggoh, Sukamaju Hilir jeung Cibulakan) siga nu paalus-alus nyieun jampana. Rupa-rupa hasil tatanen raweuy dipake rarangken. Malah baheula mah keur booming lauk pelet, kungsi aya jampana anu hateupna ku kere lauk. Mangrupakaeun hiji kareueus mun hasil tatanen atawa ingon-ingon urang diangken jadi bahan jampana. Mudah-mudahan eta budaya gotong royong teh masih aya nepi ka ayeuna.

Baheula mah (duka pedah keur budak) ari ek Agustusan teh sok hate sok ratug tutunggulan. rebun-rebun keneh poean kudu geus mandi. "Tuh  sora dogdog geus nurugtug di Cikujang", Ceuk Indung kuring. Kaca-kaca geus dirarangkeunan bari digagantelan ku kadaharan sabangsaning opak jeung sajabana. Eta kadaharan teh diancokeun keur nu pawai.

Sono oge ka Pak Letnan Didi, anjeuna purnawirawan ABRI pupuhu rombongan pawai ti Cikujang Hilir anu kakoncara ku kreasi mintokeun nilai-nilai perjuangan. Memeriaman nu dipapaes bedil lodong, dar der dor matak ketir kana hate. Speaker Toa dipanggul ku rengrengan pawai, Pa Letnan Didi sibuk nganarasikeun perjoangan baheula ngerebut kamerdikaan. Intina urang kudu syukuran jeung ngeusi kamerdekaan ku ketak anu hade.

Rupa-rupa rengkak paripolah masyarakat dina raraga mieling kamerdekaan kudu diapresiasi. Tapi urang oge ulah mopohokeun kana inti kamerdikaan anu sabenerna. Urang ulah bosen-bosen tumanya, "Naha bener urang geus bener-bener merdeka?". Merdeka anu kumaha?. Sok kadang aya implengan aheng, mun sakirana urang hirup jaman revolusi urang ek milih jalan mana? Ek jadi pejuang anu toh pati ngalawan penjajah; ek jadi pengkhianat biluk/ngabantuan ka musuh asal hirup aman jeung nyaman, teu mikir bangsa jeung nagara nu penting diri jeung kulawarga salamet; ek jadi pemain oportunis kumaha angin nebak, jurus nanglu (meunang milu), pemain standar ganda jeung munapek, mun kira dipihak republik nguntungkeun nya ka pihak republik, mun kira tawaran musuh leuwih alus nya ngilu ka musuh, lolondokan, siga melaan lemah cai padahal sabenerna mah ulon-ulonna penjajah; atawa ek jadi rakyat biasa wae.