Minggu, 05 Juni 2016

Munggahkeun Kaimanan!

Pikeun sakumna urang Sunda pasti apal jeung osok ngiluan munggahan, hiji kaarifan lokal urang Sunda dina nyanghareupan ibadah shaum. pisapoeun deui kana puasa eta kagiatan teh! sakaapal kuring nu disebut munggahan teh baheula mah nganteurkeun kadaharan dina rantang. nguriling ka kadang wargi. dulur-dulur oge tatangga. 

Sabada beres babagi kadaharan utamana sangu katut kalengkepanana (eh enya baheula mah tahu tempe teh mewah, nya ayana teh mun teu dinu hajat nya lamun pas munggahan) di sambung ku diangir. kuramas, adus dina raraga nyangheurapan puasa. Sunat cenah hukumna.

Tapi da ayeuna mah asa geus teu manggih munggahan model kitu teh. duka leuwih praktis duka memang pergeseran budaya. munggahan ayeuna mah biasana balakecrakan bareng di hiji tempat. bisa di imah, di tempat wisata malah keur kaom anu ekonomina rada undak mah biasana di restoran atawa rumah makan. 

Eta kaarifan lokal teh hade pisan! mudah-mudahan ulah nepi ka ngageser tina filosofi awalna. 
lain ngan saukur ngeunahna kadaharan, atawa ramena acara komo deui bari ngahambur-hambur sumberdaya.
munggahan intinana mah persiapan munggahkeun diri (puncakna mah ke pas ibadah shaum)
munggahkeun kaimanan diri
ningkatkeun kualitas katakwaan....
saperti anu jelas kauger dina papagon hirup urang.....Al Quranur Karim!
Wilujeng Mapag Sasih Ramadhan 1440 H
Sajam satengah deui kana adzan Magrib kahiji di sasih Ramadhan

Tidak ada komentar:

Kemarau Mungkin Menjelang

Suhu udara malam hari sudah ada dingin-dinginnya. Gemintang mulai sering terlihat di langit malam. Melalui running di televisi, Mei-Agustus ...