Selasa, 09 Desember 2014

Widadari....


Guratan sajarah mawa bewara
Yen kula nyata bapa nu ngayuga
Syukur anu teu bisa diukur
Pamulang asih anu teu kasilih
Estuning ngan diwungkulkan ka Gusti

Geulis......
Anjeun ayeuna keur nyorang kembang buruan
hiji hihias nu moal bisa ditaker rupa jeung rasa
Geulis....
wanci pasti bakal tuluy nyerelek
manggihan takdir gusti nu mirig pasti
Anjeun bakal mekar....
Geulis....
Kadang bapa melang,
Kadang mamah hariwang 
risi ku inggis rempan ku sugan
sieun anjeun galideur dina nyorang kahirupan
galideur ti papagon gusti.....

Tapi bapa oge mamah yakin
Anjeun lain anu bapa oge lain anu mamah
bapa jeung mamah ngan saukur kaamanatan
ngadidik hidep....
Sakadar mentangkeun jamparing ka tujuan hirup urang 
milari karidhoan Illahi teu kurang teu leuwih...
Dunya mah saukur jalan, lain tujuan
rupa mah saukur pupulasan, lain sari
elmu saukur pakakas, lain hasil

Yaa Alloh nu murbeng alam!
Pasihan kakiatan ka abdi sadaya 
kangge ngajagi amanat anu tos dipercanteunkeun!
aamiin yra!

Tidak ada komentar:

Bangsa yang Kejam

Tak sampai nalarku untuk mengerti mengapa di era modern dimana konon peradaban sedemikian maju ada entitas bangsa yang berlaku demikian barb...