Di lembur kuring teu pernah aya pertunjukan wayang golek!salah sahiji kasenian sunda nu pernah ku kuring disaksian nyaeta Jaipongan! Basa Mang Sahri hajat ngahaja nanggap Jaipongan! Mang Sahri jenatna teh Bandar Bawang. Harita mah lembur kuring teh katelah sentra bawang kucay jeung peuyeum sampeu!babakan belah wetan kana kucay babakan belah kulon kana peuyeum sampeu. Eta dua komoditas andelan lembur teh ayeuna mah geus teu nanjeur. Peuyeum sampeu ngelelep pisan ari Kucay mah masih aya sok sanajan teu saperti baheula!baheula mah aya istilah nyalo, buburuh meungkeutan di bandar kucay! Nya harita aya istilah megat bawang!megat bawang teh lamun barudak keur maen bola heg aya pamaen anu nungguan bal di hareupeun gawang musuh! Arti harti sabenerna mah megat bawang teh nungguan bawang anu palid di walungan waktu keur dikumbah!
Mun ngabahas Kucay jeung Peuyeum sok ras inget kana konsep One Village One Product! Lembur kuring sabenerna ti baheula mah geus nerapkeun eta konsep! Teu kudu pelatihan seminar atawa panataran!geus nepi ka tahap implementasi! Estu kondisi anu alami! Warga masyarakat hirup kumbuh, nyiar kasab sesuai kamampuan jeung kaahliana. Lamun dipikir-pikir leuwih mandiri masyarakat baheula. Teu loba namprak! jeung teu loba nu usaha ladang ngajual masyarakat!
Jumat, 07 Februari 2014
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Di Ambang Idul Fitri 1447 H
Kurang lebih tiga jam lagi... adzan maghrib kan menggema. pertanda hari kan berganti, 1 Syawal telah tiba. Lebaran kali ini masih ada perbe...
-
Hari ini di kantor ada perpisahan rekan kerja yang akan memasuki masa pensiun mulai bulan Oktober besok. Masa kerja lebih dari tiga puluh t...
-
Harimau Jawa (sumber: independent.co.uk) Oleh: Hiski Darmayana (Alumni Antropologi FISIP Universitas Padjadjaran) Dalam khasanah kebu...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar