Minggu, 11 Oktober 2015

Tangkal Bungur Geus Kembangan


Duka geus sabaraha tahun umurna eta tangkal Bungur, nu jelas ti saprak kuring hideng eta tangkal geus aya di sisi kulon Depok. Duka naon sasakalana di sebut Depok, tapi kuring ngira-ngira moal jauh tina Padepokan. Depok teh mangrupakeun  lelewek karamat nu aya di lembur kuring, Cibaruyan!Ayeuna mah katelahna mah Sukamaju. Duka kunaon eta ngaran lembur bet diganti. Padahal ceuk kuring ma asa payus keneh Cibaruyan! Hiji ngaran anu dinisbahkan ka walungan anu jadi sumber cai keur lembur kuring jeung sabudeureunanan. 

Balik deui ka tangkal Bungur  (Lagerstromeia Speciosa Pers),  sakainget kuring eta tangkal bungur asa teu pati robah, tetep sagede kitu. Kunaon inget sabab teu jauh ti eta tangkal bungur teh perenahna sawah kalungguhan (bengkok) bapak kuring baheula waktu mancen gawe jadi Juru Tulis. Mun keur ulin di sawah pas Tangkal Bungur mun keur mangkak kembangan estu endah kacida, teu beda ti Kembang Sakura nu aya di Jepang (ceuk kuring kitu ge hehehe).

Dina usum halodo sanget kawas kieu tangkal bungur sok dijadikeun ciciren. Mun urang nanya ka kokolot iraha mimiti hujan?"tempo we tangkal bungur, geus kembangan acan!" sok kitu jawabna teh. Tapi da biasana tara beda jauh, mun bungur geus kembangan berarti usum hujan geus deukeut. Mun Bungur Muguran ciciren arek usum halodo.  Duka aya sensor naon dina tangkal bungur nepika boga mekanisme alami dina hal percuacaan. 

Tidak ada komentar:

Bangsa yang Kejam

Tak sampai nalarku untuk mengerti mengapa di era modern dimana konon peradaban sedemikian maju ada entitas bangsa yang berlaku demikian barb...