Kamis, 22 Juni 2017

Dulag


Jualan Kulit Bedug di Maleber Ciamis

Salah sahiji kaarifan lokal atawa urf di bulan puasa jeung lebaran nyaeta ngadulag. Mun urang ngadulag di poe-poe biasa pasti teu galib tur disangka nu lain-lain. Pangdianti-antina sora dulag nyaeta sora dulag pas malem takbiran! Nungtrung silih tembal patarik-tarik jeung sora anu takbiran. Sora pepetasan (sok sanajan dilarang) aweur jeung kabungah hate! Isukan lebaran!

Teu sakabeh jalma bisa ngadulag. Teu aya ugeran atau pakem khusus tatacara ngadulag. Nu penting rada aya wirahma jeung variasi. Mun kolot ngadulag biasana anca, beda jeung gaya ngadulag budak ngora, powerpull kadang nepika kulitna soeh. Sakaapal kuring basa keur budak pangjagona ngadulag di Sukamaju nyaera Kang Ucu, ngadulagna lila teu eureun-eureun. Duka ayeuna mah sigana moal kuat kawas baheula da geus umuran.

Rata-rata kulit dulag tina kulit sapi, jarang tina kulit munding, komo kulit buaya mah! 
Ari rek lebaran sok aya istilah baju dulag, sendal dulag! Eta meureun kusabab urang meuli baju pakeun lebaran, dimana ciri khas lebaran sok ngadulag!

Aya oge paribasa anu make kecap dulag,
Jauh ka bedug anggang ka dulag, anu hartina urang lembur anu jauh ka dayeuh!

Wilujeng Ngadulag

Tidak ada komentar:

Bangsa yang Kejam

Tak sampai nalarku untuk mengerti mengapa di era modern dimana konon peradaban sedemikian maju ada entitas bangsa yang berlaku demikian barb...