Tampilkan postingan dengan label Arifin. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Arifin. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 29 Juni 2019

Ikhlas Dina Ibadah (KH. Choer Affandy)


Ari jalma anu ikhlas nalika ibadah aya opat :
  1. Ikhlas Mubtadi (Mubtadiin), nyaeta jalma anu amal karena Alloh tapi dina hatena aya Sir hayang dunya, ku ibadahna hayang leungit kasusah jeung kabingung. Daek soteh tahajud jeung duha supaya dagangna untung, ulah rugi. Daek soteh sodaqoh malar aya pamulangan ti batur, jeung sajabana. Ieu mubtadi bisa kanyahoan dina cara ibadahna. Biasana anu ibadahna kajurung kabutuh tara angger, daek soteh ibadah salagi aya kabutuh, ari geus cumpon kabutuhna sok eureun ibadahna.
  2. Ikhlas Abid (Abidin) Tukang ibadah, nyaeta jalma anu amal karena Alloh bari hatena salamet tina riya jeung teu aya sir kana dunya, estu ibadahna karena Alloh pikeun ngudag kabagjaan akherat. Ku ibadahna hanya menang ganjaran surga, ku ibadahna sieun naraka, bari boga patekadan yen ieu amal bisa nyalametkeun tina siksa naraka. Ari abid sok angger ibadahna ngan pedah tara apal kana sirot mana anu mudloyyaq (anu kudu dilakonan ayeuna), mana anu muwassa (bisa diengkekeun). Mana anu penting jeung mana anu leuwih penting, pangrasana ieu ge ibadah keneh.
  3. Ikhlas Muhibbin (Anu cinta ka Alloh), nyaeta jalma anu ibadahna estu karana Alloh, lain hayang surga lain sieun naraka. Amal dilakonan teh darmaning bakti, darmaning parentah Alloh, oge seja ngagungkeung Alloh SWT.
  4. Ikhlas Arifin (anu imanna tembus kana rasa), jalma anu ibadahna boga rasa yen dirina diusikmalikeun ku Alloh. Rasana lain dirina anu keur ibadah, tapi lalajo dirina keur diusikmalikeun ku Alloh. Sabab  boga kayakinan yen dirina teu boga daya jeung upaya pikeun ngalakonan ta'at, diri teu boga kakuatan pikeun nyingkahan ma'siat, sagala rupi ge estuning kersaning Alloh SWT.

Bangsa yang Kejam

Tak sampai nalarku untuk mengerti mengapa di era modern dimana konon peradaban sedemikian maju ada entitas bangsa yang berlaku demikian barb...