Dewa Slide

Dewa Slide

Selasa, 28 Maret 2017

Pare Ciamis

Sawah Di Panawangan

Ku sabab kuring mah kaasup bulu taneuh, atuh ari pareng nempo pamandangan sawah teh sok katarik ati. Sawah teh bagian tina hirup jeung kahirupan urang Sunda. Sareatna ku pare hasil tatanen di sawah urang bisa dahar jeung sesana dijual keur nyubadanan kabutuhan hirup sejenna. Kudu loba syukur sing saha jalma anu ayeuna boga keneh sawah, boh sakotak, saluwuk komo nepi ka sabau mah! Mangrupakeuh hiji kabagjaan urang dahar tina hasil tatanen urang sorangan.

Baheula mah boga sawah teh salah sahiji tanda boga pangaboga. Beunghar kampung! Mun di kota jelema aya teh nu boga mobil, perhiasan jeung pausahaan ari dikampung mah pan ukuranan teh boga sawah, kebon jeung ingon-ingon! Hirup di kampung mah estu sederhana kacida, boga sawah, kebon, balong! teu susah hirup! tingal tekun ibadah bari ngumpul-ngumpul keur ka Mekah!

Ayeuna mah sawah (tani) teh siga kurang komara! Eleh dangiang ku usaha sejen. Akibatna nu ngagarap sawah beuki saeutik. Nu ngingu munding ayeuna mah bisa diitung ku ramo. Mun pas usum ngagarap sawah patani sok baringung, saha nu ek mopok, maculan jeung ngasakeun. Akibatna nunggu giliran ditraktor. 

Ningali pare anu ngemploh hejo, hate teh sok tentrem! Komo mun geus mimiti beukah jeung pare geus tungkul tanda pare geus ngeusi. Harepan panen mucekil teh beuki gede wae. Mun pare geus mangkak koneng bagja nataku, tereh panen jeung nyangu beas anyar. Mangkaning pare Ciamis mah kocap! Boga rasa anu mandiri! 

Sawah Meunang Ngagaru di Margajaya, Sukadana
Sawah Paculeun di Sukasetia Cihaurbeuti

Sawah Tas Ditanduran di Mekarbuana Panawangan

Beres Tandur (Sawah di Panawangan)
Gede Pare ( sawah di Cisaga)

Gede Pare (sawah di Jatinagara)

Gede Pare (Sawah di Cisaga)

Gede Pare (Sawah di Cisaga)

Gede Pare (Sawah di Cisaga)



Pare Beukah (Mekarbuana, Panawangan)

Pare Beukah (Mekarbuana, Panawangan)

Pare Beukah (Mekarbuana, Panawangan)


Pare Pibuateun (Kadupandak, Tambaksari)

Pare Pibuateun (Kadupandak, Tambaksari)


Pare Pibuateun Ayeuh (Kadupandak, Tambaksari)

Label: , ,

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda